Carpon Ihung
Itu kembang api. Meureun sabaraha jutaeun. Bebelesatan. Teu eureun-eureun. Ruhay. Langit hurung. Dor-dar oge, berecon. Tarompet. Aya dangdut. Cenah mah, Dewi Persik.
Tapi ah males. Kacipta Tegalega, uyekna. Heurin usik. Komo mawa budak. Jung we Indungna, hayang ulin mah. Jung ka ditu, taun baruan. 2018. Naon bedana jeung 2011? Kieu-kieu keneh, hirup mah. Nagara sarua, teu aleucreug.
Lain omong bohong kuring mah. Nyata. Geus males kuring mah nyieun carita-carita piksi teh. Pipilueun teuing nurutan politikus lah. Naon nyatana? Tuh aya buktina. Tuh jalmana. Maraneh mah apalna, Ki Juned nya? Lain, nyaho. Gayus, eta teh. Gayus nu bener, deuleu. Lain Gayus bobohongan, nu siga baheula na tipi.
Beda pisan pan? Inget keneh teu? Sok inget-inget. Urang mah pan harita apalna Gayus teh gendut, sehat, bayuhyuh. Pipi kebi. Make kaca-mata. Di-wig. Bohong! Eta mah, Gayus politik. Gayus palsu. Rekaan. Gagayusan, atuh. Ngahaja. Eta mah jieunan, kapentingan. Nya teuing nu nyieunna mah. Nu butuheun we meureun. Da si Gayus soranganna ge teu apaleun. Ah ulah-ulah apal aya nu ngaku-ngaku manehna, dalah kajadianna ge, teu apaleun. Apal-apal soteh justru dicaritakeun ku kuring. Hulang-huleng we manehna mah. Olohok. Malah kalah nyumpah-nyumpah: majar kuring ngarang-ngarang.
Gening harita, gujrud apan. Gayus ka Bali tea. Ka Singapur tea. Ka Rengasdengklok. Ka Saritem. Gayus indit manggihan si A tea, si B tea. Ka Cibingbin, manggihan Godi, manggihan Ceu Iis, Usep Romli jeung sajabana. Gayus keur lalajo tenis lah. Gayus keur maen bilyar lah. Keur cicirihilan di warung Ceu Popon. Keur domino. Keur ngadahar rujak. Meuli lotek. Moro mencek. Ah, rea-rea. Naon cing? Ebobo ehoho eng. Bohong!
Ribut ning na tipi. Dibarahas. Dihubung-hubung jeung Bakri. Jeung kapeka. Jeung polisi. Der agen ce-i-a. Agen togel, jeung naon deui? Rame lah pokonana mah. Sarua. Ternyata drama wungkul. Sinetron. Ah teu jauh beda we jeung sinetron…naon harita teh? Cinta dalam Sepotong Ganja, kitu?
Nepi ka susumpahan tah Ki Juned, aeh si Gayus, maksud teh. Enya si Gayus nu asli. (Tapi heup, maraneh ulah ibur nya. Karunya. Pangna manehna nyamar ge, geus hayangeun hirup tringtrim. Apal sorangan apan, nu kaluar ti panjara mah sok tetep we ditutur-tutur. Saban-saban aya maksud, dirawu deui. Karunya, manehna geus hayangeun menjalani hirup baru. Geus we cukup urang nu nyahona. Peupeujeuh mun panggih ge ulah manggil, Gayus. Geus we Ki Juned lah. Urang mah nyahona Ki Juned, tukang urut we. Okey!) Susumpahan ka kuring, harita. Can lila eta ge. Kamari-kamari. Eta ge pedah teu ngahaja nempo katepena. Murag loketna. Kapanggih ku kuring. Tidinya we ki Juned, wakca. Sarua manehna ge, menta peupeujeuh-peupeujeuh, sangkan kuring ngarahasiahkeun. Matakna…der ke kuring nu disalahkeun.
Jadi nu benerna mah:
Sarua, siga nu urang-urang ge geus pada-pada apal. Nya kitu we di panjara mah. Boro-boro bisa ulin ka luar. Komo-komo ulin ka Bali-Singapur. Hayang kiih-ngising ge, kudu heula meunang ijin. Can meunang ijin ti sipir mah, sik rek kiih oray welang ge, wayahna we bungkus heula na calana.
Disarangka we, Gayus di panjarana ngareunah. Siga Artalyta tea gening. Aya kasur. Aya asean. Aya tipi. Karokean. Taipedut. Enya we ari reungit jeung cucunguk mah. Rek nunda tipi di mana? Rohang ukur sagede kandang kuya—dieusian ku sawelas urang. Sare ge teu sirikna diadu tuur. Direngkol-rengkol ge keukeuh teu mahi.
Heuheu, enya ari inget harita, kataripu nya urang-urang. Alus tah sutradarana. Kataripeng tah rahayat Indonesia. Jadi, nu harita ku urang dilalajoanan teh gening wadul. Teuing Gayus saha eta? Alus ektingna. Si nurustunjung. Ck-ck-ck.
Boro kuring ge harita mah mikir teh: pikasebeleun kasus Gayus. Ni ngising hareupeun beungeut. Ni terang-terangan. Nyaan tuda harita mah: Hukum teh geus euweuh. Kaadilan teh ni dilegleg pisan. Duit nu pangjawaranana mah. Boga duit mah kabeh ge, lewat. Jeung nu ka-duana, nyirikeun pisan yen kabeh ge kabaud ku pasoalanna. Heueuh atuh da Gayus mah teu kopral-kopral acan. Komo meureun jendralna. Mun kopralna we geus milyaran, jendralna sabaraha? Satelebug meureun nya?
Hmmm, kalah hayang seuri nya. Heg kasusna teh digulang-gaper. Biriyid, dibawa ka ditu. Bereyed, dibawa ka dieu. Bosen ieu, ganti deui. Beak judul, ganti judul. Ari si Gayusna mah, angger we kitu. Teu riuk-riuk, acan. Kalem we. Teu tuah teu dosa. Onaman, da heueuh memang Gayus bobodoan. Gayus jijieunan. Dibayar sabaraha nya eta si Gayus. Heueuh si Gayus nu palsu, maksud teh. Da lumayan lila oge; memeh dipalu, tujuh taun teh.
Tuh lah jadi we nyanyaritakeun deui si Gayus baheula. Pan rek nyaritakeun nu sabenerna ieu teh. Nyaritakeun nu dicaritakeun ku jinisna. Ku Gayus, aslina.
Enya. Bayangan senang, bayangan bebas, bayangan di panjara siga istana teh, bohong. Nu puguhna: yeuh dahar ge ukur jeung dage. Dage ge lain dage bener. Dage haseum nu geus tujuh minggu. Nu geus caraian, ngaraley. Kaitung pestana, jeung oncom atah ditambahan cengek-sabrang. Tah kitu. Mun mandi? Cai sa-bak, ku sarerea. Puguh we, keur nu pangpandeurina mah, kajeun teuing bedo mandi, da ahirna matak ranyam kana awak. Beres mandi lain jagjag, nu puguh kalah ditarajang budug.
Huh, pimanaeun di panjara jadi gendut, kararebi. Enya we ari lintuh ku bareuh mah. Saban minggu digelutkeun. Dijogolkeun siga hayam. Teu kitu dipake lalatihan. Dijarieun samsak ku preman panjara.
Ih karunya atuh mun nempo awak Ki Juned. Beak kabeh badanna. Raraca. Hayang ceurik atuh kuring mah ngadenge caritana ge. Ampun paralun. Embung teuing, kuring ngalaman asup bui. Geus disundutan ku roko tea. Indung suku dipake talenan meja. Kanjut diduruk. Kontol ditakolan. Rupa-rupa, panyiksana. Dijarieun hiburan eta teh, dijarieun bahan gogonjakan. Kacipta teu?
Ngan memang ari sual suap-menyuap mah, aya. Da Ki Juned ge rumasa. Kungsi sakali ditepungan pamajikanna, apan kudu sababaraha meja nu disogokna. Kudu kabeh walatra. Cenah mah hayang sakali manggihan teh, pamajikanna ge nepi ka beak mobil, sagala. Nya tidinya mah Ki Juned mending ngaragap dada. Mending ngarumas jauh ka sintung kalapa. Harta nu nyesa mending dipake ka nu leuwih manpaat ku anak-pamajikanna, tinimbang ukur dipake ngalunas jonghok saamprok. Les we ti dinya mah, Ki Juned bener-bener nyorangan. Badis kasakitan nu taya kulawargaan. Nya matakna, naon kajadian nu aya di luar, manehna mah lebeng teu apal. Pan nyakitu tea, da rek nempo na tipi ge, tipi timana, nu aya ukur sakali-kali cakcak tingkarayap.
Enya eta ge ditanyakeun, ari Ki Juned harita memang teu make pengacara? Kitu cekeng teh. Ngomongna mah, make, ngan nya kumaha deui. Da memang manehna kabukti salah. Da ari salah mah sik rek make pangacara ti Walanda ge keukeuh, salah. Tujuh taun, putusanna.
Yakin, salila eta teu apal kajadianna di luar? Kuring ge kungsi cangcaya. Ngahayang jentrekeun. Susumpahan. Oh enya, aya cenah kungsi …
Caritana, aya babaturan nu sa-sel, urang Jawa, manehna dipanjara alatan maling kapol. Geus kaluar manehna mah. Ngan tilu bulan kemudian bet asup deui. Ngomongna mah kapanggih deui maling nangka. Jeung kaparengkeun sa-sel deui jeung manehna. Nyarita eta ge. Ari mimitina mah nanya: Ari nu kasus pajak teh aya dua? cenah. Teu ngarti, nya Ki Juned nanya, maksudna. Nya maksudnana mah: sabab di luar mah keur genjleng ku kasus Gayus. Keur rame. Ngahuleng Ki Juned oge. Nginget-nginget. Ngan ah, manehna mikir: meureun aya dua. Bisa jadi. Heueuh apan aran Gayus teh loba. Bisa jadi aya aran nu sarua atuh kaparengkeun kasusna oge sarua. Kitu. Teu kapapanjangan.
Kalah seuseurian Ki Juned oge, waktu ku kuring dicaritakeun yen manehna baheula jadi artis. Unggal detik, dina tipi. Dina Koran. Kasusna jadi masalah nagara nu panggedena. Alus atuh ari kuring jadi artis mah, kalah pokna teh teu kireum-kireum. Sarua teu ramena jeung kasus Luna Maya? Kalah ngabanding-banding. Ingeteun keneh gening manehna ge kana kasus Ariel Peterpen mah.
Ah rame lah carita nu sabenerna mah. Ke iraha-iraha mah (mun daekeun kitu ge Ki Juned na) cuang tanggap geura ku urang. Cuang menta disiarkeun sakalian ka Metro tipi. Nya itung-itung kilas balik we ieu mah. Pedah sok kitu gening ari acara, taun baru. Ner teu?
Kembang api. Berecon. Tarompet. Pagulung. Dilebah pengkolan jalma geunjleung. Sugan teh biasa we, ku anu taun baruan. Didenge-denge, bet lain. Sada beletin. Sirineu. Pulisi. Si Sukirman nu lulumpatan, di geroan.
“Aya naon euy?”
“Teuing, Ki Juned dibawa polisi!”****
Betawi, (pura-purana) 2018