Carpon Ihung
Sigana, Bandung teh tereh kiamat. Jam sakieu geus hareudang. Isuk keneh. Mana beus pateteep, siga pindang. Jeung ieu ongkoh, jalma, elekesekeng wae. Usad-ised wae. Naon, hayang ngaantel-antel? Cunihin pisan. Geus puguh sakieu-kieuna. Hayang diuk tumaninah mah, nyarter taksi. Barina ge naon sih eta teh, ni nunjel kana cangkeng. Ngagenduk. Ih aing mah.
Duh, geus jam salapan saparapat. Telat ieu mah. Geus beus siga keong, macet deuih. Iraha nepina. Gusti, keur hararese teh nyieun jangji jeung pembimbing, der nyieun masalah. Hah, bedo wae kitu skripsi teh. Baelah teu jadi sidang Juni ge. Puguh-puguh aya alesan teu bisa lulus taun ieu. Barina ge naon sih, Kolot teh ninitah wae kawin taun ieu. Neng na ge hayang heula gawe. Hayang berkarir heula. Bae teuing, Kang Dadang nungguan mah. Ari enya bogoh mah. Sebel boga Kolot teh. Kuno pisan. Umur wae dipasoalkeun. Ih ni asa taun tujuh-puluhan.
Ieu jalma ni kacida. Keur goreng patut teh. Leuheung mun tatoan teh, siga Irfan Bahdim. Teu uyahan deui: gambar bujur dipanahan. Amit-amit. Dasar tai pedut, resep we kana gambar kararitu teh.
“Duh, sempit pisan nya korsina!” Saur anjeunna bari sabisa-bisa nyumputkeun kakeuheul nu tos nambaga.
“Duh muhun. Punten nya, Teh. Ieu tuda ni pabeulit ku nu ngamen.” Pameget nu calik gigireunna rengkuh pisan, ngiring ngaraos tugenah sigana mah.
“Nuhun ka kenek ka supir. Ka para penumpang, kade tong hilap, cacandakanna, seueur copet seueur nu gejul dina beus mah. Atuh manawi bade inpak-sodakoh, mangga diantos pisan. Moal diseuseulan ku abdi ge.” Kadituna dipairan ku soanten anu ngamen sareng kelecrekna cangkang permen nu diasong-asong kana sirah.
Rujitna mah rujiteun, eta istri, ka nu ngamen teh. Mung angger we waktos disodoran kelecrekna mah, ngalebetan.
“Nuhun Teteh geulis. Duh, mugi-mugi we ulah kenging caroge ka pengamen ah. Nyaah bilih dicandak sangsara.” Pangamenna mah teu kireum-kireum kalah ngadon ngaheureuyan. Atuh nu geulis ni ngarenghap jero teras we maledogkeun paneuteupna ka luar. Hayang olab tuda pami ningal raray pangamen nu ngiceupan mah. Teu burung ketah, na manahna mah kutuk gendeng: “Heueuh bener na beus mah loba nu gejul, siga ilaing. Teu uyahan. Barina ge mang saha nu hayang kawin jeung pengamen! Amit-amit,” kitu cenah.
Di luar motor naraek kana trotoar. Atuh nu mapah ni barangkenu. Beca pipilueun malang di tengah jalan. Si Mamangna kalah babarakatakan, ngeprokan kelakson nu pasea silih halingkeun. Kumaha deui?
Tos kieu jamanna. Jaman ke-macet-an. Tos teu tiasa silih salahkeun. Ngalepatkeun Pamarentah? Ah, kalah bosen nyaurna, katuhur-tuhur waos. Riweuh we ayeuna mah. Ning ngurus masing-masing. Tuh gening, polisi ge kalah hare-hare. Onaman, tuda itu lampu merahna ge teu leres. Maenya titatadi beureum wae?
Matak pantes, saur rerencangan si Neng mah, “Kudu demo. Geus kudu turun ka jalan.” Da leres, matak sok kekejotan eta ge pami ningal rerencanganna tos ngalabring deui teh. Ngan kumaha? Eleh anjeunna, ku Sepuh mah. Komo pami tos disandekelkeun kieu: “Bade sabaraha taun kuliah teh? Gening Neng Imas mah tos lulus deui. Apan lebetna mah payunan, Neng!?” Sesah. Sesah pami tos kitu mah. Muhun, bubuhan nuju diudag-udag skripsi we, ayeuna liren heula teh. Da sateuacan-sateuacannana mah, apan anjeunna sok ngiring capetang, pangpayunna. Malah apan kungsi kadagor pentungan aparat sagala. Dugikeun ka-dilarikeun-na ka rumah-sakit.
Gebru. Uduh, itu aya nu katabrak. Karunya. Tuda meuntas teu tungul-tingal heula. Disuruduk motor, ti kiwa. Ibu-ibu deuih. Jerukna ngalayah, tinggorolong. Dipulungan ku barudak galandangan. Atuh tambih, jalan macet. Mingkin paciweuh.
Ningal kaayaan, mastaka si Neng gogodeg. Sanes ukur ngagogodegan nu katingal payuneunna, langkung ti eta, oge kana kaayaan jaman nu tambih-tambih maridangdam. Ayeuna mah iat-iat teh kedah leres-leres. Teu kitu mah, wilujeng we, kadupakan hirup nu meuweuh edan.
Kaemutan:
Ieu jalma, boa nu gejul oge! Bulunyah-belenyeh. Aing mah moal katipu. Ku nempo beungeutna ge geus moal salah. Kumis rewig. Brewosan. Tatoan. Boa, copet nya. Jalma jahat. Rek ngahipnotis? Tukang nodong, kitu?
Api-api, someah. Ngomong sopan. Kalakuan siga enya, terpelajar. Buuk we cepak. Rek ngaku-ngaku tentara? Meh aing kabongroy. Teu hayang. Kabogoh aing mah Kang Encus. Seniman. Karya-karyana geus di luar negri. Nyaho teu?
Jeung naon deui eta, na rompina? Mudunghul kitu. Anjir, moal kitu bedog mah, balati. Siga gagangna. Siga pentungan. Boa-boa, pestol. Ah moal salah, jalma jahat ieu mah. Duh Gusti, nu rek nodong aing kitu? Pantesan titatadi nyedekkeun wae. Ngareretan wae. Nyaho-nyaho, pesona geus antel we na beuteung. Gusti, Mama, Neng rek aya nu ngarogahala.
“Kuliah?” Jalmi nu nuju digalecokkeun ku nu geulis teh ku kaleresan narosan pisan. Narosna mah sopan, dibarungan rindat pinuh ku-budi. Atuh nu nuju ngageberan dada ku makalah teh, rampang-reumpeung. Asa di-hong-keun. Asa katohyan panyangkina.
“Muhun. Eu-eu, di Unpad…”
Si Neng sigana mah alim kateterasan. Geuwat we teras api-api sms-an. Teu lami eta ge, da gening terasna mah hpna ge dilebetkeun kana tas. Atuh tasna, ayeuna mah teu nyangklek na taktak deui, didekeman ku panangan na lahunanna.
“Ya Alloh, jaba duit keur semester, dibabawa. Deuh, nanaonan oge aing make hayang mamake geulang-kongkorong sagala. Dasar nasib, abong keur sial. Mama, tulungan atuh Neng…!”
Aya eta oge kateger: maenya sugan enjing-enjing, nu jahat, wawantunan?! Seueur jalmi kieu. Kitu-kitu pami sepi, pami wengi. Jaba oge bade kaburna, kumaha? Apan damri, sakieu pagelek. Kaburu manten, kacerek.
“Hah, tapi pan loba kacaritakeun. Ayeuna mah nu jahat teh terang-terangan. Beurang-beurang oge wani nodong. Jaba boa eta nu narangtung teh, babaturanna keneh. Balad-baladna keneh. Cenah mun urang ngagorowok-nunjuk teh, lain ditulungan, malah kalah ditareunggeulan. Aduh, kumaha atuh?”
“Saurna aya demo nya di Gasibu?” Si pameget teh ngajak nyarios deui. Siga nu surti, manehna ge ngisedkeun cangkengna. Ngolesedkeun nu menjekul ku sikuna.
“Duka teu terang…”
Ari na gerentesna mah si Neng teh neraskeun kieu: Naonlah tatanya sagala. Siga nu ngarti we kana demo-demoan. Rek api-api; siga nu enya sok mikiran nagara? Meh aing tertarik? Ngalihkeun perhatiannya? Meh aing teu taki-taki. Dasar! Nu jahat mah, jahat we lah! Kituna teh bari anjeunna ge nyanggeyengkeun taktak kana kaca. Ngajaga jarak, tidituna mah.
Tidinya mah, lep we taya obrolan deui. Cepil teh ukur dieusian gerung mobil, eungap pisan. Sasakali sora kenek, naek-nurunkeun panumpang: “Pusdai habis. Pusdai habis,” cenah.
Neng Euis Suryadilaga. Mahasiswi nu dinten ieu sejana bade bimbingan, rada bungangang basa beus ngalangkungan Pusdai. Sakedap deui. Ret kana jam. Duh, lambat satengah jam langkung. Bae ah, bade sanduk-sanduk we ka pembimbingna. Sugan, da Bu Retty mah, galak-galak ge, saleresna mah bageur; asal memang logis we alesanna, tiasa ngajelaskeunna. Atuh bungangang nu kadua, tadi di Pusdai seueur penumpang lalungsur. Janten asa dipasihan lolongkrang kangge geuwat-geuwat nguniang. Geuwat-geuwat nyingkahan tina kainggis dikerekeb meong selang. Wios keneh ngadeg, na pangemutna. Wios, enya ge ka tujuan tebih keneh. Malah teras we anjeunna ngarayap ka payun, jumarigjeug, nyaketan ka lebah supir.
Alhamdulilah. Salamet-salamet. Rena siah, aingna kaburu ka hareup. Naon, nempokeun? Sok wani mah todong, ka dieu. Tinggal luncat. Tinggal bebeja ka barudak.
Leres, Neng Euis wantun kitu teh. Kawantun mucunghul dumeh beus tos di daerah Gasibu. Atuh apan itu nu nuju daremo di Gedung Sate teh, rerencanganna. Pami tea mah leres eta si betekok niat jahat, kantun ngagorowok we ka barudak.
Mireungeuh tos dugi Gasibu, nu dicipta-ciptana mah enggal rurusuhan lungsur.
Eh, siah ngadon turun. Sieun dibejakeun ka barudak nya? Sieun digebugan nya?
Tos di luar, si pameget teh rurat-reret ka sabudeureun madhab, siga nu nuju nyidik-nyidik kaayaan. Nilik-nilik jalmi nu nuju ngaracung-acungkeun poster bari cocorowokan. Teras katingal manehna ge sasaged. Tuturubun siga nu bade milu aub.
Rek kamana si atah adol teh? Boa-boa rek ganti mangsa. Rek nyopetan barudak. Hih dasar nu gelo. Turun wae kitu, aing. Ngabejaan barudak.
Hah, gening enya mawa pentungan jalma teh. Jeung nanaonan mulungan batu sagala? rek naon sih?
Neng Euis banget kurang-kerung. Janten panasaran ka pameget nu teras diawaskeun ku anjeunna. Pameget nu teras ngeteyep ngabaurkeun diri kanu nuju daremo. Tuh ayeun mah katingal tos malidkeun pundukna kana ombak taktak nu nuju silih dorong sareng aparat.
“Turunkeun Mubarok. Turunkeun Mubarok. Hidup repolusi. Hidup repolusi.” Aweuh-aweuhan nu aksi, kadieuna dihinisan ku tingjarewaw, siga nu nyeri.
Dina damri, weleh, mastaka Neng Euis Suryadilaga mah teu acan ngarti*****
Situseni, 2011
Carpon ieu didedikasikeun kangge revolusi Mesir. “Awas provokator membuat kotor!”
Betekok itu arti nya apa sich…?